Seuhah Lata-lata

Catetan USUP SUPARMA

LAMUN diibaratkeun kana rarasaan mah, kahirupan jaman kiwari téh keur meujeuhna lada kabina-bina, anu dina dongéng sasatoan mah disebutna téh seuhah lata-lata! Dina widang kabudayaan, ékonomi, pulitik, hukum, jeung sajabana éstuning teu weléh harénghéng tur matak jangar ngabandunganana. Krisis idola geus nembrak kanyataanana. Masarakat leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka para pamingpin nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku ayana pamaréntah katut wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu kalintang araruduh dina jaman kampanye.
Kaayaan pamaréntahan téh asa leuwih deukeut kana bobodoran. Contona ngistrénan kepala daérah di LP. Sidik matak ditahan ogé ku lantaran jadi tersangka korupsi, tapi keukeuh diistrénan. Jadina matak pikaseurian basa manéhna ngucapkeun jagnji jeung sumpah jabatan, anu jelas-jelas ti saméméhna ogé geus dirempak. Rék kumaha rayat percaya ka pamaréntah nu siga kitu? Wakil rayat ogé katingalina taya ketak nanaon, lantaran studi banding ngeunaan étika ogé kapan kalah ka Yunani. Padahal lamun hayang neuleuman étika linuhung, wakil-wakil rayat téh asa leuwih hadé studi banding ka wewengkon nu mibanda ajén-inajén budaya linuhunng. Dianataran neuleuman kaarifan lokal, ajén budaya lemah cai nu kacida linuhung, diajénan ku masarakat dunya, sarta awahing ku resep mah apan aya anu diiwat tur disaluyukeun jeung budaya nagarana. Ari nu gogana, kalah apruk-aprukan ka Yunani, anu teu hir teu walahir, tur moal nyambung jeung kapribadian bangsa Indonésia.
Bobodoran séjénna nu keur meujeuhna ditaranggap téh contona kasus Gayus Tambunan, nu teu weléh jadi bahan catur. Ongkoh dibérok, tapi bisa ulin ka Bali jeung luar nagri. Cacak anu teu dibérok ogé apan sakitu héséna hayang ngahajakeun ulin ka Bali, komo ka luar nagri. Éta téh kakara Gayus, anu jabatanna ogé teu sabaraha luhur. Komo atuh pajabat saluhureunana, tangtu baé ngahunang-ngahening téh tangtuna lain akon-akon. Hanjakal nu nanjeurkeun hukum téh henteu kumawani ngabongkar kelas kakapna mah, sangkilang geus sakitu écésna katerangan ti Gayus. Kétang, ngurus Gayus ogé sakitu ketar-ketirna, rupaning aturan diburak-barik ku Gayus. Seuhah lata-lata pokona mah.
Keur meujeuhna seuhah lata-lata, ana térékél téh rega céngék ngajaul. Réa jalma nu geus teu kabeuli céngék. Atuh anu maksakeun meuli ogé ukur tamba henteu wé keur nambahan samara. Kadaharan nu lada geus kaitung langka, anu antukna hayang seuhah lata-lata téh merelukeun waragad nu mahal. Teu sagawayah jalma bisa seuhah lata-lata, kajaba sakadang monyét anu malingan céngék di kebon Pa Tani. Ku ayana Sakadang Monyét gogorowokan “Seuhah Lata-lata”, antukna katohyan ku Pa Tani. Nu boga dosana kabur. Ari nu kacerekna Sakadang Kuya, anu teu bisaeun lumpat tarik. Sakadang Kuya rék dipeuncit ku Pa Tani, tapi saméméhna dikurungan heula. Sabot keur dikurungan, Sakadang Monyét ngalongok. Ti dinya Sakadang Kuya meunang akal keur ngabales kaculasan Sakadang Monyét. Ceuk Sakadang Kuya, manéhna rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani nu kalintang geulis. Puguh baé Sakadang Monyét kabitaeun. Sakadang Monyét ngolo sangkan anu dikurungan téh dihilian baé ku manéhna. Sakadang Kuya satuju, kalayan saratna ménta digandong tur dialungkeun ka leuwi. Atuh geus sapuk kitu mah, Sakadang Monyét teu kalékéd nedunan kahayang Sakadang Kuya, sarta anu dikurungan téh dihilian. Teu béda sigana jeung Kasiem anu ditukeuran ku Karni di pangbérokan jaman kiwari.
Isukna Pa Tani geus tatahar rék meuncit Sakadang Kuya. Atuh puguh Sakadang Monyét kacida ngaranjug. Ngabayangkeun rék dikawinkeun jeung anak Pa Tani, kalah dipangasahkeun bedog. Hiji-hijina jalan pikeun nyalametkeun diri nyaéta api-api paéh. Teu béda jeung para koruptor jaman kiwari, anu sok papaéhan, mangsa geus katohyan ngabangsat duit rayat.
Perelu dibebenah deui cara ngokolakeun nagara téh. Pangpangna dina pasulan étika. Piraku mani geus taya kapeundeul pisan ngabohongan rayat jeung ngagasak duit rayat téh. Mangsa duit pajeg digasak ku Gayus sabalad-balad, Dirjen Pajak masih kénéh taya kapeundeul masang iklan dina télévisi, nitah masarakat sangkan tumut mayar pajeg, kalayan ngagunakeun dialog nurutan Naga Bonar, “Apa kata dunia?” Padahal, dunya mah moal nyarita nanaon lamun masarakat geus teu bisa mayar pajeg ogé. Justru “apa kata dunia” téh lamun pamaréntah henteu bisa ngabongkar kasus Gayus tug nepi ka kacerek jeung tingkat gegedénna.
Enyaan, teu béda jeung dongéng Sakadang Monyét maling céngék di kebon Pa Tani. Nu seuhah Lata-lata sakadang Monyét, ari nu dicerekna Sakadang Kuya. Yu geura, urang mukaan deui dongéng-dongéng sasatoan nu asli gumelar di tatar Sunda. Tuluy bandingkeun jeung kahirupan jaman kiwari.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar